TUTUWUHAN UBAR ALAMI
Tutuwuhan pikeun ubar alami di sabudeur urang, nyaeta:
1. Antanan (Daun)
Nambahan
rewog dahar, ubar hareeng, bronhitis, utah getih, irung getihan (mimisan),
diabetes
2. Bayem
cucuk/ Senggang (Daun/pucuk)
Bronchitis/nyeri
dada
3. Awi/ Tangkal
ngora (iwung)
Ubar liver,
utamana awi koneng
4. Babadotan (Daun)
Ubar raheut
5. Baluntas (Daun)
Ubar
hareeng, ubar bau awak/baham, ubar kulit, disentri
6.
Balingbing (Buah)
Hipertensi
7.
Balingbing/calingcing wuluh (Daun)
Nyeri
beuteung, encok, hipertensi, diabetes mellitus,
(Buah) Batuk,
hipertensi, diabet
8. Bawang
beureum (Beuti)
Hareeng,
leuncangeun, asup angin
9. Bawang
bodas (Beuti)
Bisul,
ngalancarkeun aliran darah
10. Bonteng (Buah)
Sariawan,
ngalancarkeun ASI, ngalemeskeun raray
11. Cangkudu (Pucuk & Buah)
Ngahampangkeun
gawe hamperu, ginjal, diabet
12.
Calingcing jukut (leutik)
Sakabehna; Hareeng,
disentri, ngalancarkeun hed, hipertensi
13. Cau
kulutuk (Buah/siki)
Radang
selaput lendir usus, ngaberesihkeun getih kotor
14. Cikur (Daun/rimpang)
Radang
lambung, asup angin, nyeri sirah, batuk, diare, ngalancarkeun hed,
ngalangsingkeun.
15. Cereme (Daun/Buah)
Hipertensi
16. Combrang (Kembang)
Bau
awak/baham, nambahan nafsu dahar
17. Daun
dewa (Pucuk)
Hipertensi,
tumor, ngeureunkeun getih nu kaluar
18. Eurih (Daun, akar)
Raheut
19. Gedang (Daun)
Nguatkeun
sekresi hamperu, hareeng nahun
(Buah) Ngagampilkeun
miceun
(Akar) Ginjal
20. Gelang
Sakabehna: Radang
selaput lendir
21.
Handeuleum (Daun)
Melepuh/kulit
kabeuleum, Wasir
22. Hantap (Daun)
Panas, panas
di jero
23. Hiris (Daun/siki)
Herpes,
kurap
24. Imba/kadongdong
cina (Daun)
Bau
awak/baham, jarawat
25. Jagong (Buah ngora)
Diuretikum,
ginjal
26. Jambu
kulutuk (Jambu, pucuk)
Demam
berdarah, nyeri beuteung
27. Jambu
monyet/mede (Daun ngora)
Kulit
kabeuleum/ku cipanas, radang kulit, gula, keputihan
28. Jamblang (Pucuk)
Kudis
(Buah) Diabet
29. Jawer
kotok (Daun)
Ngabersihkeun
getih kotor, raheut di jero
30. Jengkol (Pucuk)
Borok
(Buah/kulumud/kulit
kayuna)
Diabet
31. Katuk (Daun, akar)
Ngalancarkeun
ASI, hareeng, ngalancarkeun miceun
32. Kelor (Daun)
Kurap,
reumatik, epilepsi
33. Katepeng (Daun)
Borok,
hipertensi
34. Koneng
Rimpang, Mah
35. Kosambi (Kulit
tangkal, Pucuk)
Borok,
raheut, cacingeun
36.
Kahitutan (Pucuk)
Mah,
disentri, nyeri beuteung
37. Kangkung
Sakabehna: Ubar ngarah
sare
38. Kumis
ucing (Daun,
kembang)
Raheut di
jero, kelamin, ngabersihkeun getih kotor
39. Randa
midang (Daun)
Nambihan
rewog dahar, supaya teu enek, ngaleungitkeun bau awak/panyakit kulit
40. Leunca (Pucuk, buah)
Nambihan
rewog dahar, nambihan gairah
41. Letah
buhaya (Daun)
Diabet
42.
Mamangkokan (Daun)
Bau awak, jarawat,
tampek
43. Murbey/ bebesaran (Daun)
Ngalancarkeun
ASI, raheut, meresihan getih
44. Paria (Daun)
Liver
(Buah) Ngalancarkeun
ASI, nambihan rewog dahar, ngabersihkeun getih kotor
45. Peuteuy
selong/ palanding (Buah/siki)
Cacingeun
46. Peuteuy (Siki jeung kulumudna)
Diabet
47. Puring (Daun)
Hareeng,
mules
48. Saga
Areuy (Daun)
Sariawan, Raheut di
jero
49. Salam (Daun)
Panyakit
kotor/kelamin
50. Saladah
cai
Sakabehna; Hipertensi
51. Sasawi (Daun, siki)
Nyeri sirah,
ngahaneutkeun awak, hareeng, reumatik
52. Solasih (Daun, siki)
Nyeri
kahampangan, nurunkeun panas
53. Saledri (Daun/tangkal)
Hipertensi,
reumatik
54. Sampeu (Pucuk)
Reumatik,
hareeng, nyeri sirah, diare
55. Seureuh (Daun)
Sariawan,
bau awak/baham, getih kotor, raheut di jero
56. Surawung (Daun, siki)
Hareeng
57. Takokak (Buah ngora)
Nambihan
gairah, nambihan tanaga, awet ngora
58. Terong (Buah)
Nambihan
sumanget, ngalancarkeun kahampangan, nambihan gairah
59. Turi (Daun, buah,
kembang)
Nyeri sirah,
nambihan ASI, ngaleungitkeun nyeri
60. Waluh
gede (Buah, pucuk,
siki)
Nambihan
ASI, obat cacing, nambihan gairah
Tutuwuhan nu bisa dijadikeun ubar teh, rupa-rupa ngadaharna. Ilaharna nu diolah disebutna jamu atawa jajamu.
Tambihan | |||
1. Céngék |
Céngék nya éta cabé anu buahna leutik tapi rasana lada pisan, buahna warnana héjo nalika ngora kénéh jeung lamun rada kolot warnana jadi beureum. Tutuwwuhan ieu jangkungna 1 – 2.5 méter. Seperti cabé beureum, kembang cabé bentukna jiga terompét leutik jeung umumna warna bodas. Aya tilu jinis cabé rawit nya éta cengek leutik, buahna leutik jeung warna héjo, tuluy cengek domba atawa cengek bodas, buahna anu rada gedé dibanding céngék, warnana bodas lamun ngora kénéh sedengkeun mun geus kolot warnana jadi semu konéng kabodas-bodasan jeung nu terahir nya éta ceplik buahna gedé,héjo nalika ngora kolotna warna beureum euceuy.
Kandungan
Céngék
miboga kandungan kapssaisin, kapsantin, karotenoid, alkaloid, atsiri, resin,
minyak menguap, sarta provitamin A jeung vitamin C anu loba dibandingkeun jeruk.Kandungan vitamin A dina cabé
leuwih loba tibatan wortel. Loba kandungan zat antioksidan
(saperti vitamin C jeung betakaroten), bisa dipaké pikeun nungkulan
infertilitas, jeung afrodisiak.
Sajarah
Tutuwuhan ieu asalna ti Amérika tropik, resep tumuwuh ditempat nu garing, sarta kapanggih dina jangkungna 0,5-1.250 m dpl. Batangna berbuku-buku atawa bagian luhur bersudut, daun tunggal, bertangkai, lokasi berselingan, bentuk daun buleud endog, tungtungna runcing, pangkal nyempitan, tepi rata, tulanganna menyirip, panjang 5-9,5 cm, rubak 1,5-5,5 cm, boga warna héjo. Kembang kaluar ti kélék daun, mahkota wangun béntang, kembang tunggal atawa 2-3 kembang tempatna padeukeut, boga warna bodas, bodas kehijauan, sakapeung wungu. Buahna buah buni, ajeg, sakapeung merunduk, ngawangun buleud endog, lempeng atawa béngkok, tungtung meruncing, panjang 1-3 cm, rubak 2,5-12 mm, bertangkai panjang, sarta rasana lada. Buah nu ngora boga warna héjo kolot, bodas kahéjoan, atawa bodas, buah anu asak boga warna beureum caang. Sikina loba, buleud gepéng, berdiameter 2-2,5 mm, boga warna konéng kotor. Cabé rawit diwangun ti tilu varietas, nyaéta cengek leutik anu buahna leutik, boga warna héjo, sarta nangtung ajeg dina tangkaina; cengek domba (cengek bodas) anu buahna leuwih badag ti cengek leutik, buahna ngora boga warna bodas, sanggeus kolot jadi oranyeu; sarta ceplik anu buahna badag, sadeui ngora boga warna héjo sarta sanggeus kolot jadi beureum. Buahna dipaké pikeun sayuran, samara masak, acar, sarta asinan. Daun ngora bisa dikukus pikeun lalap.
Khasiat
Cabé rawit
rasana lada, sipatna panas, asup meridian jantung sarta pankreas. Tutuwuhan ieu miboga khasiat tonik,
stimulan kuat pikeun jantung sarta aliran
getih, antirematik, ngancurkeun bekuan getih (antikoagulan),
ngaronjatkeun napsu dahar (stomakik), perangsang kulit (lamun digosok kana
kulit baris ngabalukarkeun rasa panas, dipaké minangka campuran ubar gosok),
paluruh hitut (karminatif), paluruh késang (diaforetik), paluruh acay, sarta
paluruh kiih (diuretik).
2. Lalab
Lalab nya eta dangdaunan, pupucukan, bubuahan d.a. nyalinyit, kemir, daum kacang nu dipaké deungeun dahar jeung didaharna atah; ting. Seupan; konéng joho atawa konéng temen ogé sok dilalab. Lalab mangrupa kadaharan khas Sunda. Ayeuna mah umumna dina lalab teh aya bonteng, salada, buncis, kacang panjang, tomat, leunca, kemangi,jeung terong. Kadang jenis sayuran anu ahéng dipaké oge keur lalab, saperti peuteuy jeung jengkol. Cara ngadahar lalab teh dicocolkeun kana sambel tarasi umumna langsung dina coét. Ayeuna mah lalab téh geus kasohor di Indonesia. Biasana pikeun deungeun sangu saperti hayam bakar atawa goreng, pais atawa pepes, pecel lele, jeung rupa-rupa beuleum lauk atawa goreng jeung sajabana. Masarakat Sunda anu perenahna di Jawa Barat miboga budaya jeung pangaweruh anu paheut jeung alam sabudeureuna. Salain pikeun kadaharan lalab téh miboga manfaat nya éta pikeun kaséhatan. Lalab miboga fungsi pikeun sumber énérgi. Zat-zat anu nyangkaruk dina lalab nya éta karbohidrat, lemak, protein, vitamin, jeung mineral. Lalab lain ngan saukur pikeun coél sambel wungkul tapi bisa diolah jadi kadaharan anu anyar. Sababaraha kadaharan anu bahan dasarna tina lalab nya éta karédok, pencok, loték, reuceuh jeung ulukutek.
Bagian tutuwuhan pikeun jadi lalab
2. Lalab
Lalab nya eta dangdaunan, pupucukan, bubuahan d.a. nyalinyit, kemir, daum kacang nu dipaké deungeun dahar jeung didaharna atah; ting. Seupan; konéng joho atawa konéng temen ogé sok dilalab. Lalab mangrupa kadaharan khas Sunda. Ayeuna mah umumna dina lalab teh aya bonteng, salada, buncis, kacang panjang, tomat, leunca, kemangi,jeung terong. Kadang jenis sayuran anu ahéng dipaké oge keur lalab, saperti peuteuy jeung jengkol. Cara ngadahar lalab teh dicocolkeun kana sambel tarasi umumna langsung dina coét. Ayeuna mah lalab téh geus kasohor di Indonesia. Biasana pikeun deungeun sangu saperti hayam bakar atawa goreng, pais atawa pepes, pecel lele, jeung rupa-rupa beuleum lauk atawa goreng jeung sajabana. Masarakat Sunda anu perenahna di Jawa Barat miboga budaya jeung pangaweruh anu paheut jeung alam sabudeureuna. Salain pikeun kadaharan lalab téh miboga manfaat nya éta pikeun kaséhatan. Lalab miboga fungsi pikeun sumber énérgi. Zat-zat anu nyangkaruk dina lalab nya éta karbohidrat, lemak, protein, vitamin, jeung mineral. Lalab lain ngan saukur pikeun coél sambel wungkul tapi bisa diolah jadi kadaharan anu anyar. Sababaraha kadaharan anu bahan dasarna tina lalab nya éta karédok, pencok, loték, reuceuh jeung ulukutek.
Bagian tutuwuhan pikeun jadi lalab
- Bagian pucuk jeung daun anu ngora
Bagian ieu
alus pikeun kaséhatan, utamana pikeun kacantikan sangkan awét anom jeung
lemes kulitna. Diantarana :
- Roay peda jeung roay kurupuk
- Bonténg
- Engkol
- Gandaria
- Gedang
- Buni
- Kadongdong Cina
- Jaat
- Jambu Bol
- Jambu Médé
- Kangkung
- Kacang Panjang
- Kastuba
- Katuk
- Leunca
- Lobak
- Surawung
- Baluntas
- Saladah cai jeung saladah bokor
- Cangkudu
- Kosambi
- Jongé
- Génjér
- Bagian kembang pikeun lalab:
- Comrang
- Gedang
- Kadongdong Cina
- Leunca
- Surawwung
- Takokak
- Bagian buah ngora pikeun lalab:
- Buncis
- Hiris
- Jaat
- Jagong
- Pari
- Nangka
- Labu siem
- Kacang panjang
- Gedang
- Jéngkol
Tidak ada komentar:
Posting Komentar