Dongeng: Ratu
Inten Déwata
Seueur nu nganggap yén carios Ratu Inten Déwata téh
mung saukur dongéngan legénda wungkul, margi taya buktos nu pasti atanapi data
émpiris nu leres-leres tiasa dipercanten. Sanaos kitu, carios Ratu Inten Déwata
masih tetep ngarupikeun dongéng karuhun nu masih dipercanten ayana, utamina ku
masarakat Tarogong, Garut, salaku carita sasakala karuhun karajaan
Timbanganten.
Cenah di éta lokasi téh aya dugaan patilasan karajaan Timbanganten. Nanging upami urang kadinya waktos ayeuna tahun 2008 mah, eta situs teh tos moal katingal deui. Nu aya mah seueur bangunan enggal diantawisna bangunan sakola sareng bumi-bumi mani pasedek-sedek. Teu kapendak deui gundukan-gundukan batu nu kapungkur kungsi diduga patilasan karajaan Timbanganten.
Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka palih wetan sareng kidul, plung plong pikawaaseun. Palih wetan, dihandap teu tebih, katingal atra pamandian Cipanas, rada tebihan wetaneunana muncunguk kacamatan Tarogong. Palih kidul rada tebih, nanging eces katingal bumi-bumi, bangunan, sareng masjid Agung Garut. Pantes, sareng kasawang ieu tempat teh taya sanes dalah situs patilasan kanjeng Ratu Inten Dewata nu kantos ngababakan di ieu tempat.
Karajaan Timbanganten teh sakawitna puseur dayeuhna teh di Korobokan, lajeng ngalih ka Tarogong saparantosna gunung Guntur bitu. Karajaan Timbanganten kalebet nagara madeg mandiri, hartina teu kaereh/kajajah ku nagara deungeun. Tanahna subur makmur gemah ripah lohjinawi, murah sandang murah pangan, rea ketan rea keton. Sepi paling towong rampog teh lain ukur ngan babasan. Rajana katelah Rangga Lawe, hiji raja nu adil palamarta, gede wibawa tur dipikacinta ku rahayatna.
Saleresna nu kedah nyekel kadali pamarentahan teh sanes Rangga Lawe, nanging rakana nu kasebat Ratna Inten Dewata. Hiji istri geulis camperenik, salirana jangkung alit, kulitna koneng. Rambutna hideung meles galing muntang bawana ngajadi. Tapi anjeunna teu hoyongeun nyepeng karajaan, kalah dipasrahkeun ka raina Rangga Lawe, hiji jajaka nu dedeg sampe rupa hade rancingeus, pertentang tur parigel.
Ceuk sakaol, sateucanna Rangga Lawe jeneng raja, nu nyepeng karajaan Timbanganten teh ramana suargi nu jenengan Rangga Raksa Nagara. Ti parameswari Dewi Gandani anjeunna kagungan dua putra. Nu cikal jenengannana Ratna Inten Dewata, ari raina mah Rangga Lawe.
Sawaktos raja sepuh bade ngantunkeun alias tilar dunya, kantos mantenna masihan bewara dina hiji riungan rehna mantenna bade masrahkeun karajaan Timbanganten ka putrana nu cikal nyeta Ratna Inten Dewata, margi kitu aturan buhun karuhunna. Nanging kalayan lantip, Ratna Inten Dewata ngawaler:
“Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg hate, upami diparengkeun abdi panjang umur, Ama sareng Ibu parantos teu aya, abdi hoyong nyirnakeun pikir, ngahenang-ngahening nyorangan ngababakan. Cindekna teu hoyong kadali pamarentahan. Kukituna, sanes nampik pangasih Ama, bawiraos sae pasihkeun bae ieu karajaan teh ka pun adi Rangga Lawe. Kalintang pantesna upami pun adi jadi raja, hiji jajaka pertentang, gede wawanen, perceka dina sagala rupa hal. Tah, ku kituna ka rayi Lawe, prak geura tampa amanat jeung kaasih ti Ama jeung ti lanceuk. Geura cekel ieu karajaan Timbanganten”.
Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratna Inten Dewata angkat ka gunung Kutu nu kiwari disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki Rambut Putih, nu bumela ngaping ngajaring sang putri. Mangtaun-taun marantenna ngababakan di hiji tempat nu katelah Babakan Putri. Tempat nu kalintang pikabetaheun. Hawana seger. Komo mun pareng kekembangan nyambuang sarareungit. Manuk-manuk recet disarada. Ngerelekna sora pancuran nu ngocor kana empang matak betah tumaninah.
Hiji mangsa karajaan Timbanganten mayunan cocobi nu kalintang ageungna. Nyeta halodo panjang, dugi ka masyarakat karajaan Timbanganten tigerat kakirangan cai. Aya usulan ti para gegeden karajaan supados ngadamel bendungan cai, sumber caina nyandak atanapi ngabedol babakan Putri nu waktos harita ngarupikeun padepokan Ratna Inten Dewata.
Kalayan teu ngemutkeun kumaha mamanahan sareng pamadegan ingkang raka, Rangga Lawe nyaluyuan pikeun ngabongkar babakan Putri, nu caina engke baris dikocorkeun ka bendungan karajaan Timbanganten. Tempat anu dipikabetah ku Ratna Inten Dewata teh lajeng dibukbak, teras didamel tambak, teu tata pasini heula kanu kagunganana.
Ratna Inten Dewata kalintang benduna. Dadak dumadak langit angkeub nutup buana Timbanganten jeung sabuderna. Kawitna mah rahayat Timbanganten suka bungah. Angot Rangga Lawe mah, dikintenna hujan bakal turun, katurug turug tambak cai tos bade rengse.
Tapi kasuka jeung kabungah harita keneh sirna, sabab ngadak-ngadak taneuh oyag. Gunung Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gede mimiti karasa. Taneuh inggeung. Gelap pating burinyay. Bumi genjlong asa digunjang ganjing. Gunung Guntur ngabudalkeun batu pating saliwer. Langit asa tungkeb. Pating jelegurna sora gelap dina ponclot gunung Guntur beuki motah. Tatangkalan pating dorokdok raruntuh, pareunggas katebak angin tarik naker.
Geus kitu mah kakara rahayat Timbanganten ngarasa gimir. Bur-ber ka ditu kadieu. Pating jarerit, pating koceak. Rangga Lawe kakara sadar, yen eta kajadian kitu teh mangrupa bebendon ti dewa, dumeh geus wangkelang bedegong ka nu jadi lanceuk. Cul anak pamajikan, Rangga Lawe seja milarian Ratna Inten Dewata, rek mundut dihapunten. Mantenna moal sugema, upama teu amprok heula jeung nu jadi lanceuk.
Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawe tepang jeung Ratna Inten Dewata. Kudupruk bae anjeunna nyuuh kana dampal sampean Ratna Inten Dewata, sabari nyarios dumareuda: ”Duh, Mbok, hapunten jisim kuring rumaos lepat. Ieu teh bebendon Hyang Widi ka jisim kuring, nu bedang wangkelang ka salira Mbok”.
Satutasna Ratna Inten Dewata ngahampura kana kalepatan Rangga Lawe, ngadak-ngadak lini teh eureun. Gunung Guntur teu ngutahkeun deui leutak panas. Batu gede, batu leutik geus taya nu pating belewer deui. Langit ngadak-ngadak lenglang, angin leler. Ciri Dewata nyakseni kana kabersihan hate Ratna Inten Dewata.
Ceuk sakaol, Ratna Inten Dewata sareng Ki Rambut Putih lajeng arangkat ka palih wetan nu dituju nyeta gunung Talagabodas ayeuna, duanana maksad neraskeun ngasakeun tatapana. Sarta didinya pisan marantenna tarilem.
Ari Rangga Lawe mah, angkat ka hiji tempat nu seueur kokocoran cai. Rangga Lawe nya ngababakan deui. Lila-lila eta babakan teh beuki rame batan Korobokan kapungkur. Nepi ka kiwari babakan enggal teh katelah Tarogong. Korobokan nu kapungkur kantos janten pusat dayeuh Timbanganten, janten leuweung da teu dipirosea deui.Tapi ari ngaranna mah masih keneh tug nepi ka ayeuna.
Mitutur catur kapungkur, Rangga Lawe nu dijenengkeun raja deui ku rahayat Tarogong, sabada bumen-bumen di dinya, tilem teu ngantunkeun tapak. Cipanas ayeuna jadi pamungpungan ti mana mendi, mangrupa wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan, atawa ngadon tatamba pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya kitu deui Tarogong ayeuna leuwih rame batan kampung Korobokan. Padahal samemehna mah Korobokan teh puseur dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi ayeuna mah ukur ngaran kampung. Tarogong mah beuki lila beuki rame. Garut katelah jadi Kota Inten.

Dongeng: Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet
Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu
torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.
“Sakadang
Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal
Sakadang Kuya.
“Sakadang
Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét
nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon
Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu
wé, keur moyan.”
“Ti batan
cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”
“Di mana?”
“Di kebon
Patani, mangka cabéna geus bareureum.”
“Embung, ah.
Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal
gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal
gandéng?”
“Moal, nyaan
moal gandéng.”
“Hayu atuh ari
moal gandéng mah.”
Bring atuh
Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka
kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup
duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét
ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya
mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana
gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.
“Seuhah
lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang
Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét
henteu ngawaro.
“Seuhah
lata-lata!”
“Sakadang Monyét!
Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”
Tapi Sakadang
Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah
lata-lata!”
Kahariwang
Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani
ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang
nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah
ngadaharan cabé.
“Beunang siah
nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur
ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu
ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.
“Sakadang
Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét
teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal
kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé.
Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna
mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka
imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék
dipeuncit.
Peutingna,
sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina
jero kurung.
“Ssst, Sakadang
Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.
“Éh, geuning
Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa
Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé
omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.
“Kieu, Sakadang
Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.
“Tukeur tempat
kumaha?”
“Enya tukeur
tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting
dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani
téh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat.
Antukna sakadang kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk
Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung,
kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”
Heunteu
talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy
dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang
Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku
kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru
dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa
Tani ka pamajikanana.
“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa
Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg.
Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa
Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang
baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka
bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy
nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag,
lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana
mairan.
Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun
jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet
lumpat, kalacat baé naék kana tangkal kai.
Dongeng: Sakadang Kuya Nyien Suling Tina Tulang Maung
Sanggeus durukan téh pareum, Sakadang Kuya
kurah-koréh. Manggih tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang
Sakadang Maung. Tulang téh dicokot, tuluy diberesihan.
“Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk Sakadang Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina ditroktrokan baé ku Sakadang Caladi.”
Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa.
“Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk Sakadang Kuya.
“Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.
“Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!”
Tulang téh ditroktorak ku caladi.
“Nuhun Lo!” ceuk Sakadang Kuya.
Tuluy suling téh ditiup ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi.
“Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula,” ceuk Sakadang Kuya. Ras manéhna inget ka Sakadang Bangbara.
Sakadang Kuya néangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal anu keur ngarangrangan.
“Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!” ceuk Sakadang Kuya.
“Tulungan naon, Wa?” ceuk Sakadang Bangbara.
“Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.”
Tuluy atuh suling téh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka Sakadang Bangbara, suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara.
“Ah, can ngeunaheun kénéh baé. Jigana mah kudu dipasieup heula,” ceuk Sakadang Kuya.
Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.
“Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki,” ceuk Sakadang Kuya.
“Aya naon, Ki? Meni rareuwas,” ceuk Sakadang Sireupeun.
“Ieu Aki téh boga suling, tapi masih kénéh silung. Cing, pangmasieupkeun sakeudeung mah.”
Tuluy atuh suling téh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah masieup suling téh henteu gampang. Tapi teu burung anggeus ogé.
“Nuhun Jang.”
“Sami-sami, Ki.”
Tuluy atuh suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.
Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.
“Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling téh. Nuhun ah, Jang,” ceuk Sakadang Kuya bari indit.
Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-sato ogé anu biasana garandéng, jep baé jarempé, ngadédéngékeun sora suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanéa.

Dongeng: Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong
Kacaritakeun
di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong teh
keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta
manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna.Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.”
Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!”
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.”
Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar